Senin, 02 November 2015

É, E, jeung Eu - Béda Sakedik - Jauh Hartina

Aya kalana urang sok lepat dina panulisan/nyeratna, di handap ieu aya sababaraha kecap anu "deukeut" cara nulisna, namung bénten dina nyaritana.
Hatur nuhun kanu parantos nambihan : Kang Deye, Kang Ahmad Ibnumahfud, Kang Amunk Ma'mun Rahadian, Néng Dinda Faridach, Kang Rohan Makna, Kang Wawan Kurniawan, Kang Eang Dareda


  • Angen : Ulu hati
  • Angeun : Sayur

  • Apél : Upacara, nganjang ka kabogoh
  • Apel : Ngaran bubuahan

  • Bébék : Itik (B.Ind)
  • Bebek : Ditutu

  • Bébér/mébér : Ngamparkeun; muka jangjang
  • Beubeur : Sabuk (B.Ind)

  • Bélok (B.Ind) : Méngkol
  • Belok : Jeblog

  • Benang : Paragi ngaput kaén/baju
  • Beunang : Katéwak

  • Bener : Betul, enya
  • Beuneur : Ngeusi

  • Bénten : Béda
  • Bentén : Numutkeun kamus mah, sabuk emas atanapi pérak anu ditumbu-tumbu

  • Beureum : Ngaran kelir/warna
  • Berem : Ditutupan panon

  • Ceceb : Ngasupkeun kana taneuh
  • Ceuceub : Jero, biasana dilarapkeun kana ningali

  • Éndang : Ngaran wanoja
  • Endang : Ngaran lalaki



  • Énéng : Anak munding
  • Enéng : Sebutan/landian keur budak awéwé

  • Engang : Anggang/jarak atawa antara/Suku kata (bd.Ind)
  • Éngang : Sato anu sok nyeureud

  • Énténg : Hampang
  • Eunteung : Kaca Cermin

  • Gégér : Geunjeung
  • Geger (B.Ind) : Geunjelung

  • Gélang : Diputer maké dua dampal leungeun
  • Gelang : Hiasan anu dipasang tina leungeun

  • Hideng : Calakan, teu kudu ditutah titah deui
  • Hideung : Ngaran kelir/warna

  • Jéjér : Ngabaris ka sisi
  • Jejer : Carita
  • Jeujeur : Parabot keur nguseup (gagang)

  • Jeng : Sebutan keur awéwé (B.Jawa / B.Ind)
  • Jeung : Dan (B.Ind)

  • Karéés : Sisi walungan nu réa keusikan minangka kikisik
  • Kareueus : Anu dipikaresep

  • Kecap : Kata
  • Kécap : Saos kelir hideung

  • Kékép : Nutup rapet
  • Keukeup : Peluk (B.Ind)

  • Kérak : Ngaran manuk
  • Kerak : Bagéan sangu (liwet) anu tutung

  • Kérok : Masalah
  • Kerok : Digosok maké duit atawa banda anu seukeut keur ngaluarkeun dagingna

  • Lebet : Asup
  • Leubeut : Tangkal anu keur loba buahna

  • Lélés : Kacamatan di Kabupatén Garut, nami tangkal kai
  • Leleson : Istirahat
  • Leuleus : Capé/Lungsé

  • Lépét : Ipis, ilaharna dilarapkeun kana lokét atawa kulit
  • Leupeut : Katuangan tina béas anu dibungkus ku daun cau

  • Létak : nyabak ku létah
  • Leutak : Taneuh baseuh anu luba caina; lumpur (B.Ind)

  • Méléték : Cahya panon poé anu kakara kaluar
  • Meleték : Rengat alatan panas
  • Meletek : Haseup hideung kacida, alatan dudurukan atawa knalpot

  • Mérang : Matak ateul kana kulit
  • Merang : Suung/jamur nu tumuwuh tina jarami baseuh

  • Mérécét : Cai kentel anu kaluar tina liang leutik
  • Merecet : Sereg

  • Netep : Cicing, angger
  • Neuteup : Mencrong, anteb ningal

  • Ngélépék : Mikat japati
  • Ngelepek : Kapiuhan/pingsan

  • Nyéngsréng : Sora sééng anu keur sahéng
  • Nyengsreng : Pikabitaeun, matak ngaruy

  • Pécak : Tatu tina panon, ukur bisa ningali sabeulah
  • Pecak : Nyoba, ngajaran

  • Péndét : Ngaran tarian ti Bali
  • Pendet : Nutupan liang anu leutik, ilaharna dilarapkeun kana liang cai
  • Peundeut : Nutupan liang anu gedé, ilaharna dilarapkeunkana nutup panto

  • Pengker : Tempana di tukang
  • Peungkeur : Ngeusi, ilaharna dilarapkeun kana awak

  • Peres : Diala sarina 
  • Peureus : Nyeri alatan di/kaceprét

  • Rébo : Riweuh ku babawaan; Ridu
  • Rebo : Ngaran poé saenggeus salasa

  • Resep : Suka
  • Resép : Rumus kanggé ngolah tuangeun

  • Rétém : Loba anu napelna (anu teu hirup/barang)
  • Reuteum : Loban anu cicing/eunteup dina hiji perkara/tempat (anu hirup)

  • Sédéng : Gélo
  • Sedeng : Cukup, lumayan

  • Séér : Gerbong karéta api
  • Seer : Kecap paneges kanggé nyérédét
  • Seueur : Langkung ti hiji

  • Sérah : Paré / kulit béas
  • Serah : Mikeun

  • Sérang : Sawah
  • Serang : Maju keur nyerbu

  • Séréd : Nyingkahkeun ka sisi
  • Seureud : Pakarangna sato Éngang

  • Séréh : Ngaran bungbu dapur keur nyeungitan, rupana kawas jukut
  • Seureuh : Daun anu sok dipake ubar, jeung sok dipaké keur nyeupah

  • Téngék : Sorana siga bébék; Kéong leutik
  • Tenggek : Beuheung

  • Tetep : Cicing, angger
  • Teuteup : Mencrong, anteb ningal

  • Téras : Tepas, hareup imah, keusik
  • Teras : Langsung, terus, tuluy

  • Téréh : Sakedap deui, gancang
  • Teureuh : Turunan

Sumber :  https://www.facebook.com/notes/nyarios-sunda-ngamumul%C3%A9-basa-sunda/%C3%A9-e-jeung-eu-b%C3%A9da-sakedik-jauh-hartina/956939000985316

Tidak ada komentar:

Posting Komentar